Indung
Adhel
Indung anu ngandung
Teu ngarasa berat sanajan
ditatanggeuy
Dikeukeup diusap
waktu kuring dinu kandungan
di papaes ku welas asih
Mung ka indung kedah munjung
mung ka bapa nu kedah muja
sabab aranjeung anu tos berjasa
gubragna abi ka alam dunya
Kaendahan Alam
karya. Veni N. A
Cahaya panon poe
Nyaangan kana ati
Hiliwir angin
Mawa tiis kana ati
Tatangkalan tingga rupa
Nambah endahna alam
Lemah cai negri nu can ku polusi
Alam endah nu merenah
Ulah nepi ka punah
Ku urang kudu di pusti
Budak Pahatu Lalis
Budak pahatu lalis
Andiprek lebah trotoar
Bengeut cerong dipulas kekebul kota
Baju rangsak direweg ku kateuboga
Kopi naha biwirang teu weleh seuri
Tapi naha panon teu weleh hurung
Budak pahatu lalis
Hirup dibaturan karung
Ngincer jalma-jalma
Nu teu nyaho wadah runtah
Budak pahatu lalis
Umat-Imut hareupeun toko pakean
Nyerangkeun budak sapantar
Keur ngajaran baju anyar
Budak pahatu lalis
nereuy ciduh di juru alun-alun
lalajo budak sapantar
Ngahuapkeun roti bakar
Budak pahatu lalis
Ngagibrig dikepung tiris
Mapay peuting jeung girimis
Teneung nyorang titis tuliss
Sanajan hirup nunggelis
Dipahing ragrag citangis
Tidak ada komentar:
Posting Komentar